Kembang Bungur Bag 1


Enya geuning ngarana duriat mah tara ieuh nempo saha jalmana. Rek kolot atawa budak teteup bakal ngarasa leuleus lamun seug kaparengkeun mangkak. Moal hamo bisa disinglar ku jampé atawa salikur palakiah. Duriat bakal tetep nanceub matri asih sok sanajan biheung ngahiji. Karasa, karasa pisan ku diri kuring ayeuna. Enya, umur nu geus kolot soteh ari rasa mah masih keneh welasan taun katukang. Komo ieu jeung manéhna. Hiji wanoja anu dipupusti lir genclangna teteup purnama. Moal aya ungkara nu bisa ngeceskeun kumaha kageulisan manéhna.
Tapi hanjakal manéhna datang teh ayeuna. Lain baheula basa kuring masih jagjag waringkas. Kacipta mereun peuting téh bakal tambah bengras lamun seug neteup imutna. Da ayeuna mah moal jiga baheula. Dunya kuring tetep aya dina langgengna peteng sanajan manéhna maledogkeun ngarewu imut.
“Kumaha?” kuring nanya ka Si Cikal Dinara.
“Sabar. Kedap deui oge dongkap. Meni teu sabar Apa mah.” Ditungtungan ku seuri leutik.
“Lain teu sabar, ngan karunya weh balikna bisi kapeutingan.”
“Ah alibi eta mah Apa.”
“His ari taeun téh.” Cék kuring bari seuri.
Dunya tetep mongkléng. Ngan haté terus norowéco mapatkeun sora guligah. Sora kasono nu sakedeung deui bakal tamplok kajirimna. Sugan masih lagas, sugan masih aya salangkrung duriat dina kongkolakna moal sina namper ngajadi bugang. Bray! Peteng teh ngadak-ngadak robah jadi layar rubak. Lalaunan nyingray jiga halimun katiup angin. Katempo kuring jeung manéhna diuk paduduan dina batu sisi talaga. Neteup anteub cai talaga ngumbar lamunan dina tungtung ramo sewang-sewang. Manéhna tungkul ngusap girimis kapeurih dina pipina.
Kuring ngarénghap. Lalaunan lengeun ngaranggeum ramo manéhna. Manéhna lalaunan tanggah jiga nu hayang ngebréhkeun geneukna haté. Puguhan ari cimata mah, geus teu bisa ngalawan lamping ngalémbéréh nyuksruk alum.
“Hampura Akang,” sora kuring halon awor jeung angin nu karasa nampiling.
“Janten kumaha? Moal tiasa dirobih éta pamaksadan téh?” inghakna beuki tarik.
“Dangukeun akang Dita,” kuring neleg ciduh karasa tikoro dumadak kapegat halodo. “Wayahna baé urang duaan kudu téga nyandak tindakan modél kitu. Sagala keur kalancaran urang jaga.”
“Kalancaran akang mereun! Sanés keur Dita. Naha atuh pami teu tiasa tanggel waler mah ulah sok kumawantun kitu. Dita tos percanten ka Akang, naha atuh ayeuna bet janten kieu? Naha?!”
“Duh kumaha nya....”
“Moal Kang! Dita mah moal nurut kana kahayang Akang. Keun wéh ieu si utun badé dilahirkeun, diageungkeun, diurus. Sok akang mah badé kamana ogé terserah. Nu puguhmah Dita moal nurut kana kahayang akang. Alim nanggung dosa ageung abdi mah kang, alim!”
“Hampura..”
Ronghéap peteng nyambang raga. Nutupan jirim kuring jeung manéhna nu saterusna malihwarna jadi wanci. Luluncatan kana saban dahan panineungan. Ngendagkeun tangkal méga nu tuluy mugurkeun mangpirang kembang bungur. Pating suruwuk muru gebur tangtung mangsa sihung kuring rangeteng badis denawa. Kembang Bungur beuki hurung ngabar cahaya tina sorot mata. Hiji wanoja nganteurkeun teuteup ahéng mangsa pasarandog tengahing dayeuh.
Asa apal kana sorot matana. Gerentes kuring basa amprok teuteup jeung wanoja. Tapi saha jeung dimana? Asa wanoh kana dedegna tapi saha? Utek muter ngorehan bugang wanci dina jero lomari beusi. Sugan aya jirim eta dina kotretan prasasti hirup kuring. Tapi weleh lebeng malah letah asa kelu ditiruk teteupna.
“Pa Darpan..” sorana wanoja ngageterkeun geutih jeroning urat.
“Saha nyai téh?”
“Abdi Dinara.”
“Dinara? Ké...Dinara..saha nya? Punten bilih kuring hilap.”
“Sanes hilap tapi memang moal terang. Tapi kuring yakin anjeun masih tenget ka indung kuring.”
“Saha?”
“Dita Noviantika. Jalma nu geus ditinggalkeun ku anjeun mang taun-taun lilana.”
Langit angkeub halengheum. Murudul sewu kalangkang nu geus lila udar. Geuning wanoja teh jirim dina getih kuring jeung manéhna.

Antos sambungana...

0 komentar :

Posting Komentar