Enya geuning
ngarana duriat mah tara ieuh nempo saha jalmana. Rek kolot atawa budak teteup
bakal ngarasa leuleus lamun seug kaparengkeun mangkak. Moal hamo bisa disinglar
ku jampé atawa
salikur palakiah. Duriat bakal tetep nanceub matri asih sok sanajan biheung
ngahiji. Karasa, karasa pisan ku diri kuring ayeuna. Enya, umur nu geus kolot
soteh ari rasa mah masih keneh welasan taun katukang. Komo ieu jeung manéhna. Hiji wanoja anu
dipupusti lir genclangna teteup purnama. Moal aya ungkara nu bisa ngeceskeun
kumaha kageulisan manéhna.
Tapi hanjakal
manéhna datang teh
ayeuna. Lain baheula basa kuring masih jagjag waringkas. Kacipta mereun peuting
téh bakal tambah
bengras lamun seug neteup imutna. Da ayeuna mah moal jiga baheula. Dunya kuring
tetep aya dina langgengna peteng sanajan manéhna
maledogkeun ngarewu imut.
“Kumaha?”
kuring nanya ka Si Cikal Dinara.
“Sabar. Kedap deui
oge dongkap. Meni teu sabar Apa mah.” Ditungtungan ku seuri leutik.
“Lain teu
sabar, ngan karunya weh balikna bisi kapeutingan.”
“Ah alibi eta
mah Apa.”
“His ari taeun
téh.” Cék kuring bari seuri.
Dunya tetep
mongkléng. Ngan haté terus norowéco mapatkeun sora
guligah. Sora kasono nu sakedeung deui bakal tamplok kajirimna. Sugan masih
lagas, sugan masih aya salangkrung duriat dina kongkolakna moal sina namper
ngajadi bugang. Bray! Peteng teh ngadak-ngadak robah jadi layar rubak. Lalaunan
nyingray jiga halimun katiup angin. Katempo kuring jeung manéhna diuk paduduan dina
batu sisi talaga. Neteup anteub cai talaga ngumbar lamunan dina tungtung ramo
sewang-sewang. Manéhna
tungkul ngusap girimis kapeurih dina pipina.
Kuring ngarénghap. Lalaunan lengeun
ngaranggeum ramo manéhna.
Manéhna lalaunan
tanggah jiga nu hayang ngebréhkeun
geneukna haté. Puguhan
ari cimata mah, geus teu bisa ngalawan lamping ngalémbéréh nyuksruk alum.
“Hampura
Akang,” sora kuring halon awor jeung angin nu karasa nampiling.
“Janten
kumaha? Moal tiasa dirobih éta
pamaksadan téh?”
inghakna beuki tarik.
“Dangukeun
akang Dita,” kuring neleg ciduh karasa tikoro dumadak kapegat halodo. “Wayahna
baé urang duaan kudu
téga nyandak
tindakan modél kitu.
Sagala keur kalancaran urang jaga.”
“Kalancaran
akang mereun! Sanés keur
Dita. Naha atuh pami teu tiasa tanggel waler mah ulah sok kumawantun kitu. Dita
tos percanten ka Akang, naha atuh ayeuna bet janten kieu? Naha?!”
“Duh kumaha
nya....”
“Moal Kang! Dita
mah moal nurut kana kahayang Akang. Keun wéh
ieu si utun badé
dilahirkeun, diageungkeun, diurus. Sok akang mah badé kamana ogé
terserah. Nu puguhmah Dita moal nurut kana kahayang akang. Alim nanggung dosa
ageung abdi mah kang, alim!”
“Hampura..”
Ronghéap peteng nyambang raga. Nutupan
jirim kuring jeung manéhna
nu saterusna malihwarna jadi wanci. Luluncatan kana saban dahan panineungan. Ngendagkeun
tangkal méga nu
tuluy mugurkeun mangpirang kembang bungur. Pating suruwuk muru gebur tangtung
mangsa sihung kuring rangeteng badis denawa. Kembang Bungur beuki hurung ngabar
cahaya tina sorot mata. Hiji wanoja nganteurkeun teuteup ahéng mangsa pasarandog
tengahing dayeuh.
Asa apal kana
sorot matana. Gerentes kuring basa amprok teuteup jeung wanoja. Tapi saha jeung
dimana? Asa wanoh kana dedegna tapi saha? Utek muter ngorehan bugang wanci dina
jero lomari beusi. Sugan aya jirim eta dina kotretan prasasti hirup kuring. Tapi
weleh lebeng malah letah asa kelu ditiruk teteupna.
“Pa Darpan..”
sorana wanoja ngageterkeun geutih jeroning urat.
“Saha nyai téh?”
“Abdi Dinara.”
“Dinara? Ké...Dinara..saha nya? Punten
bilih kuring hilap.”
“Sanes hilap
tapi memang moal terang. Tapi kuring yakin anjeun masih tenget ka indung
kuring.”
“Saha?”
“Dita
Noviantika. Jalma nu geus ditinggalkeun ku anjeun mang taun-taun lilana.”
Langit angkeub
halengheum. Murudul sewu kalangkang nu geus lila udar. Geuning wanoja teh jirim
dina getih kuring jeung manéhna.
Antos sambungana...
Label:
Budaya
,
Carpon
,
Chandra Kudapawana
,
Sajak



