Pages

Jumat, 26 Oktober 2012

Sajak Chandra Kudapawana


Kamalir Simpé

Kamana anjeun ayeuna Nung...
Sabot sajak kuring kumalayang nilar bentang
Geuning hate mah teu bisa leupas dina keukeupan melang
Kapireng galindeng anjeun tina jeroning bulan
Mulas sewu parahu pulas kayas

Kamana atuh anjogna Nung..
Di dieu, langit hurung muru jajantung
Usak usik mepende geter dina ramo ruhak
Nyipta mangpirang kasono nu awor jeung haseup ganja
Ah, jigana anjeun mah moal codeka.
Chandra Kudapawana
Serang, Oktober 2012

Milangan Jungkrang
:keur Dinara.

Asihing imut salira
Ngarangrang bulan jeroning otak
Ririaban saban lengkah nyasaak raga ku wening soca
Tuh geura, rasa bet malah ojah tetenjrag
Udag-udagan jeung pada baturna sanajan lila tilar raga

Asihing teuteup salira
Ngemat ungkara dina gawir asih
Ngamalirkeun cimata, sabot hujan nantang cilantang
Duh, ahung paralun teu pisan saba rasa
Basa salira mapag kalakay dina kakayon mangsa

Asihing jati salira
Negerkeun ceuceub luhureun pasir katineung
Nagih pati ka malati nu semedeng mangkak birahi
Di dinya, urang sarwa pada ingkar tali gadang
Mesat gobang milang jungkrang!
Chandra Kudapawana
Serang, Oktober 2012



Tidak ada komentar:

Posting Komentar